sentence_1
stringlengths
22
130
sentence_2
stringlengths
19
123
sentence_3
stringlengths
18
166
sentence_4
stringlengths
18
162
correct_ending
stringlengths
17
133
incorrect_ending
stringlengths
15
125
topic
stringclasses
12 values
category
stringclasses
64 values
language
stringclasses
2 values
Biasana mah lamun kakara asup sakola saenggeus libur lebaran sok tara langsung diajar
Murid-murid dibariskeun di lapang keur mushafahah
Guru-guru ge sarua narangtung ngajajar nungguan murid daratang
Mun geus beres sasalaman jeung murid, guru oge sasalaman jeung guru nu sejenna
Guru jeung murid hahampuraan beres lebaran keur nyucikeun diri supaya balik deui ka fitrah
Guru sasalaman ka murid kusabab tara asup ka kelas keur waktuna diajar
Religious holiday
Traditions after religious holidays
su
Mang Tarya indit ka sawah keur ngarambet
Geus loba jukut nu mucunghul ngaganggu pare
Ngarambet ngabaladah biasana dilaksanakeun tilu puluh poe saprak tandur
Mun ngarambet mindo dilaksanakeun lima puluh poe saprak tandur
Ngarambet dilaksanakeun pikeun ngaberesihan jukut di petakan sawah
Ngarambet dilaksanakeun samemeh panen
Agriculture
Traditions when planting
su
Jodi jeung Barik isuk-isuk dahar bareng di deukeut sakola maranehna
Jodi meuli mi kocok Bandung, sedengkeun Barik meuli sangu tutug oncom
Duanana dahar bari teu make sambel kusabab sieun nyeuri beuteung
Sanggeus dahar, maranehna indit ka sakola
Maranehna abus sakola dina kaayaan wareg
Duanana teu jadi indit ka sakola alatan gering
Food
Breakfast
su
Ardan ngiringan kelompok rampak kendang di sakolana
Anggota rampak kendang aya 7 urang
Rampak kendang nungtut tanaga sarta kakompakan ti anggota-anggotana sangkan katingali ngahibur
Kelompok rampak kendang latihan nu serius kanggo pentas seni tengah taun
Panongton ngaraos kahibur ku panampilan rampak kendang
Rampak kendang teu pernah dipikaresep ku pamiarsa
Art
Musical instruments
su
Riri sok maen konclong jeung babaturanna di buruan madrasah
Ngagarisan kotakna sok make kapur ti kelas madrasah kusabab buruan madrasahna geus make paving block
Kotakna digambar padempet hiji jeung lainna nu jumlahna bisa lima nepika dalapan kotak
Riri jeung babaturanna mah resep ngagambar anu dalapan kotak
Riri resep maen konclong di madrasah kusabab rame loba babaturan
Riri resep maen konclong di buruan madrasah kusabab hayang meunang pahala
Traditional games
Location played
su
Dina ngarasa era kacida
Nu mimitina hayang geura indit ngalongok mayit babaturanna, geus nepi ditu teu ngeunah cicing hayang geura balik
Baju Dina keur disareuseuh nyesa baju warna koneng hurung dina lomarina
Pas nepi ka imah almarhum babaturanna, nu ngaralayad langsung marelongkeun kusabab ngan Dina hungkul nu make baju warna koneng hurung
Dina make baju koneng hurung kusabab te boga baju deui anu geus garing
Dina hayang kapuji make baju koneng hurung keur ngalayad nu maot
Death
The clothes of the mourners
su
Tengah peuting ieu, Miska ahirna réngsé lahiran
Suamina nungguan di luar ruangan ti kamari kénéh
Suamina disauran ku suster, dikabaran soal orokna
Pas asup ruangan, manéhna ceurik bari bungah pisan, langsung loba syukur ka gusti Allah
Tuluy manehna ngaadanan éta orok
Tuluy manéhna nyaramahan éta budak
Pregnancy and kids
Traditions after birth
su
Sakapeung mah Iyuy sok hoream leumpang ngaliwatan imah warna hejo di tungtung jalan
Imah eta teh mangrupakeun imah kulawarga Masaji anu kawentar sok ngelmu
Anak incuna ge tara katinggali kaluar ti imah
Mun ditinggali ti luar mah di imahna siga nu eweh kahirupan
Imah kulawarga masaji pikasieuneun kusabab tara aya jelema nu kaciri sok kaluar
Imah kulawarga Masaji rek dipulas ku warna kayas meh teu geueuman
Family relationship
Clan or descendant system
su
Pak Nanang tos lami janten nalayan
Pak Nanang ka laut pas soré-soré
Abi pernah diajak kanggo ngiring ka laut
Tapi abi teu ngiring
Soalna abi sieun ka laut pas poék-poék
Soalna abi teu resep lauk
Fisheries and trade
Traditions of taking care of livestock or fish
su
Pun Bapa jenenganana Marwan
Anjeunna saurang guru Fisika di SD 7
Anjeunna kawentar ku kategesanna di sakola
Pami di rorompok mah anjeunna lemah lembut
Pun Bapa sok ngadamel soal ujian Fisika kanggo muridna
Pun Bapa langki uih ka bumi
Family relationship
Relationships within the main family
su
Mun keur usum lauk hejo tonggong, warga di kecamatan pameungpeuk sok mulungan lauk di laut
Saking loba na dinu basisir lauk teh ting garolepak tinggal nyokotan
Kadang aya nu dibeuleum didinya keneh bari mayor di sisi basisir
Nelayan ge hasil loba keur jualeun deui ka kota
Warga kecamatan pameungpeuk henteu hese manggih lauk kusabab hasil lautna loba
Warga kecamatan pameungpeuk sok meuli lauk ti pangandaran
Fisheries and trade
Traditions of taking care of livestock or fish
su
Si Marko keur ulin di imah sobatna
Sakalian mondok, mumpung isukna ogé libur
Sabab ieu keur romadon, otomatis Marko miluan tarawéhan di masjid deket imah sobatna
Marko teu nyangka tarawéhan di masjid dinya téh nepi 23 rokaat
Biasana manéhna tarawehan 11 rokaat
Biasana manéhna tarawehan 23 rokaat oge
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Isuk keneh tempat palelangan lauk geus pinuh ku nu meuli
Nu meuli narungguan lauk seger nu turun unggal isuk isuk ti parahu nalayan
Rupa-rupa hasil laut aya di tempat palelangan lauk
Ibu-ibu mah sok nepika poho waktu mun balanja didinya
Ibu-ibu resep balanja di tempat palelangan lauk kusabab loba piliheun
Ibu-ibu resep balanja bari ngomongkeun batur
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Ma Ijah mangrupakeun jelema nu berehan
Anjeunna sok babagi dahaeun atau oleh-oleh mun geus ti kota
Tatanggana resep maturan Ma Ijah ngobrol lantaran budak-budakna aya di kota
Sanajan hirup sorangan, ma Ijah teu ngarasa tiiseun kusabab loba tatangga nu sok ngabaturan
Tatangga paduli ka Ma Ijah kusabab ma Ijah bageur
Ma Ijah ngewa ka tatanggana
Family relationship
Relations with society or neighbors
su
Mun keur cararape, Sehan sok ngeueum di pamandian cai panas deukeut imahna
Cai panasna alami, kaluar tinu jero taneuh lain meunang ngahaneutkeun
Awak nu tadina cararangkeul teh dibawa ngeueum mah langsung jadi harampang
Mayarna oge cukup ku dua rebu rupiah
Pamandian cipanas jadi pilihan masarakat keur terapi kusabab mayarna murah jeung mujarab
Tiket pamandian cipanas murah kusabab teu payu
Socio-religious aspects of life
Self-care
su
Bu Rina nyontokeun cara ngabedong ka mantuna nu karék lahiran
Baheula mah bayi osok dibedong bari dipangku
Tapi, ayeuna mah loba edukasi yén ngabedong téh kurang saé kanggo orok
Mantuna bu Rina orangna berpendidikan, ogé sopan adatna
Mantuna ngajelaskeun bu Rina soal bahaya gabedong, bari ningalikeun referensina
Mantuna ambek ka bu Rina
Pregnancy and kids
How to care for a newborn baby
su
Poe ieu Rina rek indit ka laut jeung babaturan SD na
Indung Rina geus nyiapkeun tutug oncom dinu meja keur sasarap
Rina dahar tutug oncom jeung asin kurupuk bari cacamuilan
Saking nikmatna nepika Rina ngalas 2 kali
Rina indit kalayan gumbira lantaran beuteungna geus eusi ku kadaharan nu nikmat
Rina pingsan di jalan lantaran can sarapan
Food
Breakfast
su
Mang Oni osok dagang nasi pecel di pengkolan
Dagangna di kaki lima sisi jalan
Lengkap ku meja sareng korsi kanggo emamna
Lamun siang-siang, tempatna henteu katingali
Soalna Mang Oni nembe buka pas wengi
Soalna Mang Oni henteu dagang deui
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Hajat laut pakidulan sok dilaksanakeun di Laut santolo
Biasana sok dibarengan ku pagelaran rupa-rupa kasenian khas garut
Hajat laut pakidulan mangrupakeun cara masarakan basisir nembongkeun rasa sukur lantaran hasil lautna ngareuah
Hajat laut oge dilaksanakeun pikeun narik wisatawan ka Laut Santolo
Mun aya acara hajat laut, laut santolo sok pinuh ku turis domestik
Mun aya acara hajat laut sok loba motor anu laleungitan
Socio-religious aspects of life
Traditional ceremonies
su
Pa RT di RT 03 jenenanganana Ridwan
Mantenna tos ngumumkeun yen bakal aya lomba Agustusan
Warga RT 03 sumanget mayunan kegiatan eta
Para kaum ngora na masihan ide lomba Agustusan
Acara Agustusan di RT 03 téh rame pisan
Pupuhu RT di RT 03 téh Bu Wini
Family relationship
Relations with society or neighbors
su
Beurang ieu, aya tatanggi Mari anu ngantunkeun
Mari langsung ganti baju, tuluy ka rumah duka
Pas nepi, anjeunna rada éra, soalna bajuna méncrang warna hejo
Sabenerna mah eweuh aturan kukumaha keur ngalayat, tapi béda ti batur
Mari tuluy balik heula jang ganti baju
Mari resep tampil béda
Death
The clothes of the mourners
su
Elis resep maen ucing sumput jeung babaturanna
Biasana Elis maen ucing sumput dina waktu istirahat sakola
Elis resep mun geus jadi ucingna kusabab resep ngabetakeun anu keur nyarumput
mun keur kabagean jadi nu nyumput Elis sok kalah reuwas teu puguh rarasaan
Elis resep jadi ucingna kusabab meh tenang asa teu diburu ku nanaon
Elis resep nyoo ucing
Traditional games
Game types
su
Bapa nikah sareng Ema 20 taun ka pengker
Aranjeunna gaduh 2 putra, kalebet kuring
Putra nu kahiji nyaeta pun raka, jenenanganana A Robi
Putra kadua nyaeta kuring nyalira, Abyan
Sepuh kuring gaduh dua putra pameget
Bapa sareng ibu nikah 30 taun ka pengker
Family relationship
Relationships within the main family
su
Mun keur bulan puasa, sore teh alun-alun pinuh kunu dagang takjil
Alya resep neangan takjil jeung indungna
Nu dagang kot ngabarak matak pikabitaeun sagala hayang dibeuli
Tungtungna mah Alya jeung indungna ngan meuli tilu rupa takjil
Alya jeung indungna meuli takjil keur diopi saenggeus buka puasa
Alya jeung indungna meuli takjil keur dicampur jeung parab hayam
Daily activities
Evening activities
su
Balik sakola, Isma nyarita ka Indungna
Isma nyarita nyen di sakola aya babaturanna nu dimusuhan ku nu lain
Padahal babaturan Isma teh bageur sipatna
Indungna Isma mamatahan Isma supaya teu miluan ngamusuhan jeung mamatahan batur supaya henteu ngamusuhan babaturan eta
Indungna Isma ngajarkeun Isma supaya gaduh akhlak nu sae
Indungna Isma teu paduli kana carita Isma
Pregnancy and kids
How to care for children
su
Leni geus janjian jeung agus rek indit ka pajaratan bareng
Leni jeung Agus rek meresihan makam kulawargana kusabab minggu hareup geus puasa romadon
Maranehna geus mawa pakakas keur meresihan makam ti imah
Leni jeung agus silih bantuan ngaberesihan makam
Leni jeung agus hayang makam kulawargana beresih samemeh bulan puasa
Leni jeung agus bobogohan di pajaratan
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Mun geus saur, Raka sok solat subuh di masigit bari ngaderes
Raka miboga niat hayang namatkeun maca Qur'an salila bulan puasa
Di poe ka 17, Raka geus tamat maca 18 juz
Raka hayang mereskeun nepi 30 juz pas bulan puasa beres
Raka hayang ngumpulkeun pahala salila bulan puasa
Raka hayang kapuji ku batur
Socio-religious aspects of life
Regular religious activities
su
Aning geus nuntaskeun perjuanganna ngalawan kanker
Anjeunna ngantunkeun dina yuswa 45 taun
buruan imah aning pinuh pisan kunu ngalongok
Loba pisan jelema anu nyeungeurikan Aning
Aning mangrupakeun jalma soleh jeung berehan salila hirupna
Tatangga Aning eweh nu ngalongok
Death
When death occurs
su
Hamdi miluan kelompok kesenian sunda di kampusna
Kelompokna osok ngisi di acara-acara nikahan
Hamdi biasana kabagéan jadi Ki Lengser
Ki Léngsér téh simbol sepuh nu mingpin upacara nikahan
Hamdi geus jago merankeun diri jadi sepuh
Hamdi émang geus kolot
Art
Use of art at certain events
su
Dodi keur dahar jeung sambel
Pas sambelna beak, dodi ngagalokeun sangu jeung sesa-sesa sambel nu aya dina coet
Teu kungsi lila aya nu nepak tonggong Dodi
"Pamali siah, ulah dahar dina coet bisi kawin jeung randa", ceuk bapak bari semu nyarekan.
Dodi gancang mindahkeun sangu kana piring
Dodi langsung ngababetkeun coet
Food
Eating habit
su
Riza saleresna tos ngadangu kabar duka ti tilu dinten kamari
Tapi Riza teu tiasa ninggal bapana kanggo terahir kalina
Anjeunna aya tanggung jawab nu teu tiasa dikantun
Riza nembe kantos nepungan kulawargina ayeuna
Riza ogé ngiringan tahlilan dugi dinten ka tujuh ti dinten bapana ngantunkeun
Riza ngajak kulawargina liburan
Death
Traditions after the body is buried
su
Basa ulin ka kampung, abi nepungan kang Didit
Anjeunna teh tukang anu sagala bisa
Sapopoena manehna ngadamel parabot
Anjeunna oge osok ngadamel anyangan barudak
Misalna langlayangan atawa jajangkungan
Misalna Nintendo atawa PlayStation
Traditional games
Game types
su
Barudak keur arulin di buruan deukeut balé Desa
Maranehna pacekel-cekel leungeun bari nyanyi
"Tokecang-tokecang bala gendir tosblong, angeun kacang-angeun kacang sapariuk kosong", pokna teh
Ngan ku kitu hungkul ge baralakatak maranehna saleuseurian
Barudak leutik di lembur mah masih keneh resep ulin babarengan di luar imah
Barudak resep nyirekem di kamar
Art
Folk songs
su
Mun geus beres nyalin baju balik ti sakola, jembar sok langsung lumpat deui kaluar
Babaturanna geus narungguan keur maen gatrik
Gatrik dipaenkeun make awi nu panjangna kurang leuwih tilu jengkal keur neunggeul awi nu panjangna ngan sajengkal
Pamaén gatrik dibagi jadi dua tim, unggal tim diwangun ku dua nepika lima budak
Kaulinan gatrik merlukeun kaparigelan katut katangginasan meh bisa meunang
Kudu loba renang meh meunang wae mun maen gatrik
Traditional games
Game types
su
Poe ieu Yayan digawe nepi ka lembur
Pas geus bubaran gawe Yayan ngider heula neangan dahareun keur anak pamajikan di imah
Yayan eureun di tukang pecel lele bari meuli dua bungkus keur didahar babarengan
Pas muka panto imah budak Yayan lumpat bari seuri cirining geus nungguan tatadi
Kacape Yayan langsung leungit ningali anak pamajikan
Budakna Yayan ngewa ka Yayan lantaran balik peuting wae
Food
Dinner
su
Edi geus make hapena nu ayeuna salila lima taun
Manehna hayang meuli hape anyar
Hapena nu ayeuna teh bisa payu keneh oge
Jadi, manehna indit ka BEC
Terus tukeur tambah hape na nu ayeuna jeung hape anyar
Terus meuli dua hape anyar
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Gina dipilih ku guruna keur miluan pasanggiri tari
Gina milih tari jaipong keur dipintonkeun
Unggal poe Gina latihan jeung guruna
Guru Gina muji Gina lantaran sumanget pisan latihanna
Gina sumanget pisan latihan tari keur pasanggiri
Gina kaasupan jurig pas diajar tari jaipong
Art
Traditional dances
su
Kuring resep pisan maenkeun karinding mun keur bosen
Kuring boga 2 karinding
Nu hiji dibere ku bapa, nu hiji deui dibere ku babaturan
Karinding dipaenkeun ku cara salah sahiji tungtungna diposisikeun dina biwir, tungtung nu sejen ditepuk meh ngahasilkeun sora
Karinding dipaenkeun keur nenangkeun hate
Cara maenkeun karinding sarua jiga maenkeun gitar
Art
Musical instruments
su
Dian sok indit ka leuweung jeung babaturanna
Di leuweuh manéhna neang akar tangkal nu bisa dijadikeun bonsai
Biasana si akar eta teh dikeueuman heula dinu cai supaya kaluar akarna
Mun keur hasil mah pas balik ka imah teh babawaanna nepi ka dua karung
Dian resep ngurus bonsai
Dian teu resep ngurus tatangkalan
Agriculture
What to plant
su
Imas keur paciweuh di dapur
Dina kompor aya katel nu eusina opor, dina tehel ngabarak wawadahan tilas nyieun cipati
Dina meja geus aya acar bonteng jeung kurupuk udang dikeleran
Kesang nyurucud ge teu dirasa bakat ku atoh isuk geus lebaran deui
Imas masak keur ngajamu tamu dina poe lebaran
Imas masak kusabab rek muka warteg
Religious holiday
Traditions leading up to religious holidays
su
Oki sok ulin ka karamba di tengah laut nu jang palah
Mun aya lauk nu pikabitaeun sok tuluy dibeuli ku oki
Lauk meunang meuli ti karamba mah leuwih seger ti lauk nu sok aya di pasar
Dagingna oge sok leuwih amis karasana
Lauk ti tukang karamba leuwih seger kusabab dadakan diala ti laut
Lauk ti tukang karamba leuwih seger kusabab dijampean
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Poe minggu kamari Riki nyaba ka Pangandaran jeung kulawargana
Tempat anu jadi panuju kulawarga Riki nyaeta tempat wisata citumang
Di citumang, urang bisa papalidan make pelampung bari dijaga ku pamandu wisata
Urang oge bisa luncat tinu batu nu luhur ka walungan anu caina jero
Riki resep bulak balik luncat tina batu ka walungan
Riki hayang geura balik kusabab sieun ku cai
Daily activities
Leisure activities
su
Nuri teu jago maen ucing sumput
Tapi anjeunna resep ulinna
Lamun ulin, pasti manehna mineng jadi ucing
Ahirna, manehna dianggap anak bawang ku babaturanna
Soalna Nuri meh nu lain kabagean jadi ucing
Soalna Nuri resep melakan bawang
Traditional games
Game types
su
Poe minggu Wida mulung batu nu laleutik ka walungan
Batu etateh rek dipake keur encrak isuk poe senen di sakola
Di sakola Wida keur usum encrak
Isuk keneh kelas geus garandeng ku sora batu ting bareletak
Wida sok miluan encrak di sakola jeung babaturanna
Batu nu dipulung ku wida ti walungan rek dipake ngeusian akuarium
Traditional games
Game types
su
Anton jeung Mohak badami keur nangtukeun dek masak naon keur sarapan
Mohak hayangna masak soto, sedengkeun Anton hayangna nyieun sangu liwet
Mohak mere pendapat yen nyieun liwet mah leuwih lila tibatan masak soto
Tungtungna duanana sapanuju keur masak soto
Soto nu dimasak ku Mohak jeung Anton téh gancang dijieunna
Duanana teu jadi sarapan nanaon
Food
Breakfast
su
Bi Imas mangrupi palatih tari merak
Anjeunna tos ngalatih salami 15 taun
Anjeunna ngaraos reueus pami aya nu hoyong latihan nari merak sacara serius
Tari merak téh tarian Sunda khusus wanoja
Bi Imas reueus pisan kana budaya Sunda
Bi Imas ngawidian pameget kanggo ngiring latihan tari merak
Art
Traditional dances
su
Masjid Baitul Ma'mur di deukeut imah kuring téh sok ngayakeun pangaosan kemis peuting jeung senen peuting
Nu ngeusi pangaosan téh nyaeta ustadz-ustadz lulusan pasantren
Salasahiji nu sok ngeusi pangaosan nyaeta Ustadz Thariq jeung Ustadz Imran
Warga sabudeureun masjid rea nu ngilu pangaosan
Warga sumanget ngilu pangaosan di masjid baitul Ma'mur
Teu aya lulusan pasantren nu ngeusi pangaosan di Masjid Baitul Ma'mur
Socio-religious aspects of life
Regular religious activities
su
Mang Engkus osok bagi-bagi THR ka alo-alona
Khususna, keur alo-alona anu ngarora keneh
Ari ogé baheula osok kabagéan THR
Taun ieu Ari geus boga gawé
Mang Engkus henteu masihan THR deui ka Ari
Mang Engkus masihan THR ka Ari
Religious holiday
Traditions during holidays
su
Mang komar sok mekel rantang nu eusina pasakan pamajikanna ka sawah
Mun geus rek beres panen, mang komar sok nagjak babaturanna milu dahar di saung
Babaturan mang komar sok aratoheun kusabab pasakan istri mang komar mah enak pisan
Kacape beres panen teh jadi teu kaubaran ku nikmatna dahar babarengan
Istri mang komar sok ngahaja mekelan sangu jeung deungeunna sing loba kusabab apal mang komar mah resep babagi
Mang komar babagi eusi rantangna kusabab geus rek haseum
Agriculture
Harvest
su
Poe ieu aya kampung sabeulah ngajak diadu maen bal
Adit geus nyieun tim jang wawakil kampung dieu
Maranehna geus siap jang tanding lima lawan lima
Maranehn geus nepi di tempat pertandingan
Nyaeta di lapang alun-alun
Nyaeta di imah Adit
Traditional games
Location played
su
Muklis dipercaya ku almarhum bapana
Manéhna dipercaya keur ngurus warisan kulawargina
Hanyakal, Muklis mawa kabur hampir kabéh harta bapana
Indungna ceurik, tapi lain ku masalah duitna
Indungna sedih ku kalakuan Muklis
Indungna gering
Death
Inheritance matters
su
Usum romadon kieu osok aya nu ngajak kuring bukber
Salah sahiji nu ngajak téh baturan kuring basa SMP
Kuring jangjian pendak di resto pas bada asar
Supados seueur waktos kanggo ngobrol
Kuring sareng réréncangan ngobrol panjang pisan bari ngantosan adzan magrib
Kuring lami ngobrol sareng pulisi
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Samemeh puasa romadon, biasana masarakat sok munggahan jeung kulawargana
Kulawargana Bayu ge sarua, geus ngarencanakeun munggahan ka basisir
Indungna bayu geus nyiapkeun sagala rupa asakan keur botram diditu
Bapana bayu ge geus siap ngumpulkeun barang naon wae anu kudu dibawa munggahan
Kulawargana Bayu sumanget pisan keur nyiapkeun acara munggahan
Kulawargana Bayu sumanget hayang geura lebaran
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Bapa-bapa di lembur kuring resep solat di masigit
Unggal waktu solat masigitpasti pinuh wae
Di masigit oge disadiakeun cai ku marbot pikeun anu nyaba
Budak leutik ge resep arulin di masigit
Masigit di lembur kuring pikabetaheun pisan
Masigit di lembur kuring kotor jeung bararau
Socio-religious aspects of life
Regular religious activities
su
Salma diajar tadi di Sanggar Edas
Salma diajar tari boboko logor langsung ku nu nyieunna nyaeta ade Suarsa
Tari boboko logor atawa boboko mangkup ngagambarkeun kaayaan masarakat anu keur susah
Salma sok milu sedih mun keur diajar tari boboko logor
Salma sok nyeri hate mun keru diajar tari boboko logor kusabab apal harti tina tiap gerakanna
Salma sok nyeri hate pas diajar tari boboko logor kusabab teu saluwes nu lain
Art
Traditional dances
su
Roni resep jajan di warung eta
Soalna teteh nu ngaladanganna geulis
Lamun ngaladangan ge sok ramah
Hargana oge marurah
Pokokna Roni dek langganan ka warung eta
Roni hayang jajan ka warung nu leuwih alus
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Mang Ukar jeung Mang Asep teh sobatan
Mang Ukar boga usaha ternak sapi jeung domba
Mang Asep téh panyawah anu kawentar
Mang Asep osok meulian pupuk ti Mang Ukar
Soalna Mang Ukar ogé sakalian dagang pupuk kandang
Soalna Mang Ukar ogé sakalian dagang pupuk kompos
Agriculture
Traditions when planting
su
Lagu cingciripit pasti familliar di barudak sunda
Basa alit keneh, abi osok maen eta sareng pun biang
Ayeuna, abi maen sareng putra abi
Abi janten emut pun biang, teu karaos waktu tos lami
Abi rindu pisan ka ibu abi
Abi rindu pisan ka pun bapa
Traditional games
Game types
su
Patani di Sukawening masih kénéh nganggo alat tradisional
Teu acan seueur patani anu nganggo mesin
Seseueurna ngaranggo pacul, koréd, halu
Cara ngabajak sawahna ogé sami
Nyaéta nganggo bajak kai nu dutarik ku kebo
Nyaeta nganggo traktor
Agriculture
Traditions when planting
su
Pa Alif gaduh sawah 2 hektar di daerah Cileunyi
Unggal ba'da shubuh Pa Alif sareng putrana ka sawah dugi ka siang
Pepelakan nu utami di sawah Pa Alif nyaeta paré
Pa Alif nganggo munding kanggo ngabajak sawahna
Putra Pa Alif resep melak pare
Sawah Pa Alif ayana di Bojongsoang
Agriculture
What to plant
su
Pia resep jajan cilok di hareupeun sakolana
Unggal istirahat babaturanna oge pasti paboro-boro hayang meuli cilok
Cilok di hareupeun sakola Pia mah beda rasana lantaran make saos kacang jeung bubuk bawang
Pia kabagean keneh cilok lantaran datang pangheulana
Cilok masih jadi jajanan kameumeut barudak
Tukang dagang cilok make panglaris mangrupa tuyul
Food
Traditional foods and beverages
su
Sisindiran teh salah sahiji puisi di budaya Sunda
Strukturna siga pantun di basa Indonesia, sisindiran biasana eusina opat baris
Dua bait mimiti biasana jadi panganteur nu eweuh hartina, misalna "Sok hayang nyaba ka Bandung Hayang nyaho pabrik kina"
Dua bait saenggeusna biasana kandungan asli sisindiranna, anu kadenge mirip jeung dua baris mimiti
Misalna keur conto tadi, eusina "Sok hayang nanya nu pundung, hayang nyaho mimitina"
Misalna keur conto tadi, eusina "Sok hayang nyaba ka Bogor, hayang nyaho pabrik mesin"
Art
Poetry or similar literature
su
Ica resep pisan ngadangukeun mamahna nembang pupuh
Salah sahiji pupuh karesep Ica nyaeta Dandganggula
Duka kunaon Ica sok ngarasa sedih mun ngadangukeun pupuh dangdanggula
Salian ti dangdanggula, Ica oge resep pupuh kinanti
Ica mangrupakeun salah sahiji rumaja nu resep ngamumule kasenian sunda
Ica resep pupuh kusabab suasanana mistis
Art
Folk songs
su
Adina Sonson nu orok keneh keur gering batuk bari lehoan
Indungna nyampurkeun bawang beureum jeung minyak telon keur diusap kanu tonggong jeung dampal suku adina sonson
Geus diubar ku minyak telon campur bawang beuruem mah batukna teu parah teuing
Adina Sonson geus bisa peureum tibra deui
Miyak telon dicampur bawang beureum mangrupakeun ihtiar indungna sonson pikeun ngubaran adina
Indungna Sonson morog adina ku minyak telon campur bawang beureum
Socio-religious aspects of life
Traditional medicine
su
Simkuring tara mudik lamun boboran
Ti alit kénéh dugi ayeuna damel, abi calik di Garut
Kulawargi ageung ogé seueurna di Garut
Aya oge sababaraha hiji dulur kuring anu ngarantau
Biasana maranéhna anu mudik ka Garut
Simkuring osok mudik ka perantauan maranéhna
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Sari resep solat subuh babarengan di masigit
Geus solat biasana Sari jeung ibu-ibu nu lain ngaderes
Acara ngaderes ieu diluluguan ku bu hajah Rofi
Mun aya nu teu bisa sok bari diajarkeun ku bu hajah rofi
Sari resep ngaderes jeung buhajah rofi kusabab bisa sabari diajar tajwid
Sari milu ngaderes kusabab hayang kapuji
Daily activities
Morning activities
su
Si Kembar resep maen oray-orayan
Lamun di bumi, abi sareng pun lanceuk osok dipaksa ngiringan
Ayeuna si kembar tos lebet PAUD
Maen oray-orayanna langkung resep deui
Soalna seueur rerencanganna, janten tiasa langkung panjang
Soalna abi sareng pun lanceuk teu kedah ngiringan
Traditional games
Game types
su
Pas pakanci ka Bali, Seli jeung Arini nyempetkeun dahar beuleum lauk di Jimbaran
Maranehna meuli heula lauk di Pasar Kedonganan
Lauk nu geus dibeuli dibawa ka rumah makan di sisi laut keur diolah
Seli jeung arini mah ngan saukur mayar biaya ngolahna, tempat keur dahar mah langsung disadiakeun ku pagawe rumah makan
Seli jeung arini nikmat dahar beuleum lauk di rumah makan sisi laut
Seli jeung arini dititah mayar tempat diuk keur dahar
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Wida jeung Tami indit ka kota make bus
Maranehna hayang meuli baju keur lebaran
Wida jeung Tami hayang make baju nu beda ti babaturan salembur nu sejenna
Wida jeung Tami sok era mun papanggih jelema nu make baju siga maranehna
Wida jeung Tami melaan indit ka kota bakat ku hayang meuli baju nu pangalusna
Wida jeung Tami indit ka kota keur neangan gawe
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Ajeng geus lila teu balik ka imah
Manéhna ngarantau lantaran meunang gawean nu jauh ti imah
Keur ngobatan sono, unggal peuting Ajeng nelpon indung bapana keur nyaritakeun kahirupanna didieu
Ajeng nyaah pisan ka indung bapana
Ajeng kapaksa ngarantau sanajan hate beurat ninggalkeun kololot
Ajeng teu paduli ka kolot
Family relationship
Relationships within the main family
su
Pun Biang jenenganana Yati
Taun ieu yuswa anjeunna lima puluh genep
Mantenna ketat pisan ngajagi kasehatanna
Mantenna oge osok ngala lauk di balong
Pun Biang langki kaserang panyawat
Yuswa pun biang teu acan lima puluh taun
Family relationship
Relationships within the main family
su
Lisa ceurik teu eureun-eureun ti peuting keneh
Manéhna ceurik kusabab era nginget kajadian dina nikahan kamari
Manéhna labuh pas acara mapag samemeh akad kusabab tijalikeuh
Kabaya nu dipake nepika soeh, sigerna oge nepika murag
Lisa era kusabab loba nu nyeungseurikeun pas labuh
Manéhna ceurik kusabab ditalak ku salakina
Wedding
Women's wedding clothes
su
Mang Undang sok mawa lauk ka kota keur dijual deui
Di kota mah harga lauk teh leuwih mahal
Ceuk mang undang mah biaya ngangkut ge katutupan ku bati ngajual lauk
Malahan mah bati beresih na teh sok tilu kali leuwih gede tibatan ngajual lauk di lembur
Bisnis jual beuli lauk di kota boga peluang anu gede
Ngajual lauk di kota batina gede kusabab nu meulina babari di tipu
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Fajar ngayakeun acara sukuran opat bulanan putrana
Kabeh baturanna diondang, termasuk kuring
Asa haru ningali baturan sorangan ayeuna kitu
Asa kamari kénéh kuring maen bal jeung manéhna di lapangan SMA
Ayeuna, Fajar teu lila deui bakal jadi bapak
Ayeuna, Fajar dék pindah ka luar negeri
Pregnancy and kids
Traditions during pregnancy
su
Tiap geus beres solat sunat jeung silaturahmi, Wita jeung kulawargana sok nyempetkeun nyekar ka pajaratan
Kulawarga Wita boga tanah husus di pajaratan paparagieun mun aya anggota kulawargana nu ngantunkeun
Wita jeung kulawargana ngaberesihan makam aki, nini, jeung uyut-uyuyna
Geus beres diberesihan, wita jeung kulawargana tuluy ngadua kanggo karuhun nu tos ngantunkeun
Wita jeung kulawargana geus biasa ngirim dua keur karuhunna boh keur solat atawa unggal lebaran
Lita jeung kulawargana nyekar ka makam karuhun keur menta harta
Religious holiday
Traditions during holidays
su
Nalayan di dieu biasana ngajualan hasil tangkepanna ka rumah makan deukeut pantai
Salah sahijina rumah makan tempat Nisa emam ayeuna
Nisa nuju libur sareng ibu bapana
Nisa mesen menu nu béda ti ibu bapana
Nisa mesen cumi, samentara ibu bapana mesen guramé
Nisa mesen hayam bakar, samentara ibu bapan mesen gulé sapi
Fisheries and trade
Traditions of taking care of livestock or fish
su
Neni samutut bari leumpang ka masigit
Neni rarudet kusabab tundeh keneh geus dititah mayar zakat fitrah ku bapana
Singhoreng pas nepi masigit neni papanggih jeung balad-baladna nu sarua dititah oge ku kolotna keur mayar zakat fitrah
Geus beres mayar mah jor weh Neni ulin jeung balad-baladna
Neni nu tadina rudet kusabab isuk keneh geus dititah jadi sura seuri kusabab papanggih jeung balad-baladna di masigit
Neni osok ngabangkang mun ditiah ku kolot
Religious holiday
Traditions leading up to religious holidays
su
Salaku budak kos, abi biasa ngirit
Upami meser emam di warteg, menuna pilih-pilih
Milihna menu nu hemat, siga sayur jeung endog
Lebih irit deui na mah, sadidintenna masak
Abi jarang nyandak daging jeung hayam di warteg
Abi mineng ka restoran kanggo ngirit
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Salila semester akhir kehamilan istri abi, abi osok degdegan
Biasana abi tara nyo'o hape di kantor, tapi ayeuna mah béda
Sigana unggal 5 menit, abi mukaan hape
Manajer abi ninggali, tapi alhamdulillah anjeunna bageur
Anjeunna nenangkeun abi, bari nawarkeun bantosan
Anjeunna mamatahan abi di payuneun karyawan nu sanés
Pregnancy and kids
Traditions during pregnancy
su
Alit sareng pak Maman nuju ngobrol di rumah makan basisir pantai
Alit nanya ka pak Maman, "Biasana sadidinten nalayan sok nanaonan wae pak?"
"Nya biasa we jang newakan lauk, lamun cuacana keur alus mah", ceuk pak Maman
"Tapi mun cuacana siga kieu mah... ngopi we di imah", lanjut pak Maman
Alit jeung pak Mama melongkeun langit nu ceudeum
Alit jeung pak Maman melongkeun langit nu cerah
Fisheries and trade
Traditions of taking care of livestock or fish
su
Saban poe ieu Rifa keur resep kanu angeun lompong
Angeun lompong nyaeta angeun nu dijieun tina tangkal taleus jeung beutina tuluy make cipati
Samemeh angkat gawe Rifa menta pangmasakeun angeun lompong ka indungna
Pas balik gawe angeun lompong geus nyampak na meja jeung deungeun sangu nu sejenna
Rifa ngahaturkeun nuhun ka indungna bari tuluy dahar bari nyah nyeh nyoh
Wadah angeun lompong dibalangkeun ku Rifa kusabab teu resep
Food
Lunch
su
Mang Basir keur metik buah gedong gincu hareupeun imahna
Eta buah kacida seungitna, ti kajauhan ge geus kaambeu
Mun keur ngala kabeneran aya nu ngaliwat osok ditawaran metik ku Mang Basir
Nu ngaliwat tara aya nu nolak kusabab kabita ku geulisna buah gedong gincu
Buah gedong gincu nu mang basir jadi kameumeut tatangga kusamam katelah enak jeung pikabitaeun bentukna
Buah gedong gincu nu mang basir teu payu
Agriculture
Harvest
su
Yuswa Serin nembe sataun langkung 3 bulan
Anjeunna tos tiasa mapah salengkah dua lengkah
Unggal enjing-enjing Serin diajarkeun mapah ku bapana bari dicepeng pananganna
Lami-lami Serin tiasa mapah lami cacakan teu dicepengan ku bapana
Bapana Serin tekun ngajarkeun Serin papah
Serin tiasa diajar mapah nyalira
Pregnancy and kids
How to care for toddlers
su
Biasana peuting samemeh miteumbeuyan tandur, sok aya hajat di imah nu boga sawah
Isukna oge samemeh nandur dijampean heula ku wali puhun
Jampena ditujukeun keur nini kinayan tani jeung aki kinayan tani
Nini jeung aki kinayan tani nyaeta roh anu dipercaya sok ngajaga pare
Hajat samemeh tandur dilaksanakeun pikeun menta kalancaran dinu tatani
Wali puhun sok ngawadul ngeunaan nini kinayan tani jeung aki kinayan tani
Agriculture
Traditions when planting
su
Abimana mangrupakeun turunan kulawarga menak
Karuhunna mangrupakeun tokoh masarakat anu dipihormat
Teureuh katurunanna nepika dijieun buku
Tujuanna supaya henteu pada pareumeun obor
Buku silsilah kulawarga dijieun keur nguatkeun tali silaturahmi
Kulawarga Abimana kacida sombongna
Family relationship
Clan or descendant system
su
Tesa boga grup wa kulawarga
Eusina nyaeta kulawarga Nini Cucum, ti mimiti anakna nepika incu-incuna
Tesa resep ngobrol jeung dulur-dulurna di grup eta
Ti mimiti ngobrolkeun dahareum nepika piel-pilem anu keur usum
Tesa ngarasa atoh bisa ngobrol jeung dulur-dulurna
Dulur Tesa jarudes jeung goreng adat
Family relationship
Relationships in the extended family
su
Kulawargi Maman ngabring ka kulawargi Putri kanggo tahap narosan saatos neundeun omong
Kulawargi Maman naros ka kulawargi Putri kanggo ngabahas akad nikah sareng prosesi-prosesi saatosna.
Pihak kulawargi Maman nyandak barang sapertos cingcin meneng, daun seureuh, sareng kaen.
Cingcin meneng dina tahap narosan téh janten pananda iketan kanggo calon panganten pameget sareng wanoja
Tahapan narosan téh mangrupi tahapan anu serius sarta ngiket ka kadua pihak
Dina tahap narosan, aya pangaosan salami sapuluh dinten teras-terasan
Wedding
Traditions before marriage
su
Patani Cimaragas keur sumringah
Para patani ngahaturkeun syukur sakan panén anu beuneur
Leuit di lembur pinuh ku hasil tani
Panen taun ieu jadi caritaan anu berkesan
Patani bagja sabab hasil panenna loba
Patani henteu puas ku hasil panén taun ieu
Agriculture
Harvest
su
Barudak keur dialajar leumpang make egrang keur acara tujuh belas agustusan
Egrang nyaeta kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan
Biasana Mang yamin nu sok nyieunan egrangna
Egrang meunang mang yamin mah kuat jeung teu lenyong dipakena
Mang Yamin resep nyieun egrang nu kualitasna alus meh aman dipake ku barudak
Mang yamin resep nyieun egrang tinu bahan anu murah meh gede bati
Traditional games
Game types
su
Arip resep ngamodip motorna
Ngadenge soal modip motor, urang kabayang hal hal nu goreng
Siga knalpot nu gandeng, atawa motor nu ceperna kacida
Tapi si Arip mah teu kitu
Si Arip angger merhatikeun sakitar jeung kaamanan
Si Arip ngamodip make duit sorangan
Daily activities
Transportation
su
Leli ngurus indungna anu keur gering
Indungna gering teu bisa leumpang geus aya kanu sabulanna
Ti mulain ngamandian, ngahuapan nepi ka ngabantuan solat kabeh dilakukeun ku leli
unggal solat leli ngadoa bari ceurik supaya indungna damang deui
Leli ihlas ngurus kolotna
leli bibayar ku aparat desa supaya daek ngurus indungna
Pregnancy and kids
Parents and children interactions as adults
su
Urang keheul pisan ka nu sok ngadulag
Maksud urang keur nu nguriling ngahudangkeun pas saur
Lain nanaon yeuh, nu ngadulag sok teu kira-kira ributna
Urang apal niatna mah hade
Tapi cik atuh rada dikira-kira
Jadi urang teu masalah ogé sih
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Iis ngangrupakeun ibu rumah tangga anu cicing di imah duaan jeung budak sawaktu suamina gawe
Iis resep ngasuk budakna
Iis sok ngajak nyanyi, ngajak ulin, jeung macakeun carita keur budakna nu kakara nincek umur dua taun
Budakna Iis bisa rada reureuh mun dibaturan ku Iis
Iis mindeng ngajak ulin budakna supaya teu ngopepang kanu lain
Budakna Iis anteng mun dibere hape
Pregnancy and kids
How to care for toddlers
su
Koleksi kaléci Ripan loba pisan
Rupa-rupa pisan warnana, lalucu
Ripan biasana nabung keur meulian nu anyar
Atawa, manéhna osok tukeuran jeung babaturanna
Babaturanna loba ogé anu resep ngoleksi jeung nyo'o kaléci
Babaturanna resep rorobotan
Traditional games
Game types
su
Isuk keneh Neneng geus sibuk dangdan
Poe ieu Neneng diajak ku salakina ulin ka Tangkuban Parahu
Neneng ngajanteng milihan baju dina lomari kusabab hayang kaciri geulis jeung rapih
Geus beres siap-siap Neneng langsung indit jeung salakina make mobil
Neneng bungah pisan kusabab geus lila teu jalan-jalan
Neneng teu puguh rarasaan kusabab ngadadak hayang miceun di jalan
Daily activities
Morning activities
su
Dua poé kamari urang panggih si Jamal keur sapédahan
Jelemana emang hobi sapedahan
Teu disangka, tadi ashar jol aya pengumuman manéhna tos teu aya
Padahal si Jamal téh ngora kénéh
Kulawargina sedih pisan dikantunkeun ku Jamal
Jamal ngarantau ka luar negeri
Death
When death occurs
su
Nia keur ngasuh adina di teras imah
Nia ngajarkeun adina kawih cing ciripit
Cing ciripit nyaeta kawih nu biasa dipake keur milang samemeh uucingan
Barakatak adina seuri pas curukna kacapit ku leungeun Nia
Adina Nia resep dibawa ulin ku Nia
Adina Nia nyeungseurikeun beungeut Nia
Traditional games
Game types
su
Basa 2020, abi teu tiasa ngiring lebaran
Kumargi abi katépaan COVID
Abi kedah dikarantina nyalira di hotél
Untungna, zaman tos canggih
Abi nga-video call ka kulawarga besar abi
Abi nyampeurkeun kulawarga abi nganggo mobil listrik
Religious holiday
Traditions after religious holidays
su
Zaman kiwari, tos teu seueur nu terang istilah nyusur taneuh
Tos langki ogé anu ngalaksanakeun runtutan upacarana
Generasi abi ge rata-rata teu acan pernah ngadangu
Abi gé terang téh pédah dicaritaan ku pun nini
Basa ngora, pun nini saurna pernah ngalaman
Basa zaman walanda, seueur pajuang nu tumbang
Death
Traditions after the body is buried
su
Citra kuliah di kedokteran UNPAD
Anjeunna hiji-hijina ti kulawargina nu janten dokter
Réréncangan Citra seueur anu kulawargina turun-temurun janten dokter
Sanajan kitu, Citra henteu ngarasa éléh
Citra sumanget diajar di jurusan kedokteran
Citra ngarasa teu pantes kuliah di jurusan kedokteran
Family relationship
Clan or descendant system
su