sentence_1
stringlengths
22
130
sentence_2
stringlengths
19
123
sentence_3
stringlengths
18
166
sentence_4
stringlengths
18
162
correct_ending
stringlengths
17
133
incorrect_ending
stringlengths
15
125
topic
stringclasses
12 values
category
stringclasses
64 values
language
stringclasses
2 values
Ahmad téh budak sulung diantara lima sodarana
Manéhna boga opat adi, dua lalaki, dua awéwé
Taun ieu, Ahmad ngawitan diajar di perguruan tinggi
Ahmad hoyong janten contoh nu saé kanggo adi-adina
Ahmad janten lanceuk nu bisa diandelkeun, ogé getol di kampusna
Ahmad léyéh-léyéh di imah, nyo'o hape
Family relationship
Clan or descendant system
su
mun maju ka siang, toko kaen bu Lia beuki rame
Nu meuli nepika pasesedek hayang geura kaladangan
Bu Lia menta bantuan ka minantuna keur motongan kaen
Minantuna lincah motongan sabari ngitung balanjaan
Bu Lia miboga minantu anu resep ngabantuan di toko
Minantu Bu Lia beuki sare
Daily activities
Afternoon activities
su
Mita keur ulin ka imah aki encup
Lian ti ulin, manéhna boga pamaksadan nu lain
Manéhna geus yakin rek kawin jeung Soni, kabogohna.
Lantaran kitu, Mita rek menta dipangitungkeun tanggal nu alus keur kawin nurutkeun kanu wedal ka aki encup
Aki encup geus biasa jadi pananyaan tanggal mun aya nu rek kawin
Mita ngitung tanggal supaya teu bentrok jeung konser Dewa-19
Wedding
Traditions before marriage
su
Sinta ngaji bari ceurik dina acara tahlilan tujuh poean bapana
Manéhna inget sagala rupa kanyaah bapana
Unggal poe sabtu manéhna sok balik ka imah ti tempat rantau bakat ku sono
Ayeuna mah mun sono teh ngan bisa diubaran ku doa
Sinta mikanyaah jenat bapana kucara ngirim doa
Sinta geus poho ka bapana
Death
Traditions after the body is buried
su
Sanajan geus nikah salila 10 taun jeung Teh Nining, Kang Didi masih nyimpen baju nikahanna
Baju luhuranna nyaeta jas prangwedana
Jas eta dibeuli di Pasar Kosambi make duit sorangan
Anjeunnna nyimpen keneh papakean nikahanna keur nginget pajoanganna meuli baju eta
Jas prangwedana jadi pangeling Kang Didi kana persiapan nikahanna
Kang Didi dipangmeserkeun jas prangwedana ku Teh Nining
Wedding
Men's wedding clothes
su
Lebaran ieu, bala kulawarga Yono mesen kambing guling
Payu pisan kambing guling na ti nu ngora nepi ka kolot
Hanyakal si Yono teu resep kambing guling
Tapi manehna geus rikues menu sejen anu khas lebaran keneh
Nyaeta opor hayam
Nyaeta kambing guling
Religious holiday
Traditions after religious holidays
su
Masjid Al-Furqon kaurus pisan ku DKM na
Unggal sore, pasti rame ku warga
Kagiatanna teu mesti ibadah, warga bisa ngalakukeun rupa-rupa aktipitas
Barudak oge resep jeung betah ka masjid
Soalna aya sosorodotan barudak di PAUD dekeut masjid
Soalna aya sosorodotan di jero masjid
Traditional games
Location played
su
Kang Abdul sok katingali nya'ah pisan ka istrina
Mun nyauran ge tara bari gogorowokan
Kang Abdul oge osok ngabantosan bébérés bumina
Anjeunna hoyong janten conto nu saé kanggo putrana
Supados putrana nyontoan janten jalmni nu nya'ah ka batur sareng tanggung jawab
Supados putrana janten jalmi nu hayang meunang sorangan
Pregnancy and kids
How to care for children
su
Minggon kamari aya tugas maca sajak di payun kelas
Rasyid kabagéan kahiji macakeun sajak
Sajak nu dibacakeun judulna "Meri" karya Apip Mustopa
Rasyid macakeun bari pinuh panghayatan
Babaturan Rasyid ngiring ngahayatan pas ngupingkeun bacaan sajak Rasyid
Rasyid macakeun sajak "Hareupeun Gedung Merdeka" karya Apip Mustopa
Art
Poetry or similar literature
su
Beti resep ngobrol jeung budakna nu nincak rumaja
Beti resep nanyakeun kumaha suasana di sakola ka budakna
Kabiasaan ieu dilakukeun ku Beti kusabab sieun anakna dibully di sakola
Beti oge hayang apal kana pergaulan anakna
Beti sieun budakna kabawa ku sakaba-kaba
Beti ngan hayang basa basi jeung budakna
Pregnancy and kids
How to care for teenagers
su
Mun keur libur Maulid Nabi, di Desa Mancagahar sok aya acara muludan
Acara muludan biasana dieusi ku dzikir jeung solawat babarengan di masigit bari tuluy aya acara pentas sorena
Barudak leutik sok pidato, mintonkeun nasyid jeung sajak kaagamaan dina panggung
Kadang mah sok ngeunah seuri kusabab budak leutik mah sok sakarepna mun tampil dina panggung teh
Acara muludan sakalian jadi acara silaturahmi keur warga bari hiburan
Acara Muludan sok sepi kusabab tara aya nu nongton
Religious holiday
Traditions during holidays
su
Isuk keneh barudak kelas opat geus dariuk di teras jero kelas
Maranehna diuk ngajajar bari pahareup-hareup
Singhoreng teh keur maen encrak make batu
Biasana mun kapotong ku waktu diajar, sok dituluykeun deui engke pas istirahat
Mun geus datang waktu istirahat, barudak sok nuluykeun hanca encrak tilas isuk-isuk
mun geus datang waktu istirahat, barudak sok jarajan ka kantin
Traditional games
Location played
su
Mang Asoy teh tukang baso nu sok nguriling di komplek ieu
Manehna tekun jualan, basona oge ngeunah
Indung urang oge mineng ngageroan Mang Atep
Malahan nepi boga nomer teleponna oge
Indung urang resep jajan baso mang Asoy
Indung urang resep meulian baso Kota Kembang
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Tati ngageunggeuik sajajalan saeunggeus ditelepon ku adina
Adina ngabejaan yen ema geus ngantunkeun
Cik keneh poe kamari ema nitah Tati baik tapi Tati teu bisa
Tati ngarasa kaduhung sagede gunung teu bisa maturan ema di sesa waktu hirupna
Tati ngadoa supaya amal ibadah ema na ditarima di sisi Allah
Tati ceurik kusabab dina beus aya nu bau kelek
Death
When death occurs
su
Nina keur resep kana gulali warna warni nu dijual ku mang dasep
Indungna Nina ningali mang dasep gagaro kelek samemeh nyieun gulali bari teu ngumbah leungeun heula
Indungna Nina nyarek supaya Nina teu meuli gulali ti Mang Dasep deui
Indung Nina nyieun gulali sorangan di imah keur Nina nu resep gulali
Nina kacida atohna bari nganuhunkeun ka indungna
Nina ceurik hayang panggih jeung mang dasep
Food
Snacks
su
Emak Inah teh tukang jualan jamu
Manehna mineng ngurilingan komplek
Abi sakeluarga teh langgananna
Abi osok pesen buyung upik ka emak inah
Ibu abi osok dipangdamelkeun jamu
Ibu abi osok dipangdamelkeun kopi
Socio-religious aspects of life
Self-care
su
Baheula, sondah téh mineng pisan jadi kaulinan barudak
Kuring ge resep pisan ulin sondah bareng jeung babaturan
Barudak ayeuna jarang anu maen sondah
Kuring tara nimu deui kotak-kotak di jalan atawa di hareupeun ruang kelas SD
Zaman kiwari, sondah teu loba dipaénkeun deui siga baheula
Sondah teu loba dipaénkeun barudak
Traditional games
Game types
su
Unggal rek lebaran, ema sok nitah Jaki keur mikeun Zakat fitrah ka masigit
Biasana eta zakat fitrah sok dikumpulkeun ku amil zakat
Zakat fitrah teh mangrupakeun usaha keur nyucikeun diri meh lpas lebaran urang aya dinu kaayaan beresih
Jaki oge jadi hayang nurutan ema
Mun geus boga duit sorangan, jaki hayang rajin mere zakat pitrah jiga ema
Mun geus boga duit sorangan, jaki hayang dangdan jiga ema
Socio-religious aspects of life
Regular religious activities
su
Dion geus boga panghasilan sorangan
Dion kaitung ngora keneh, tapi geus teu lanjut sakola
Manehna cicing di imah bapana
Salaku muslim, Dion oge boga kawajiban mayar zakat fitrah
Dion mayar zakat fitrahna sorangan
Zakat fitrah Dion dibayarkeun ku bapana
Religious holiday
Traditions leading up to religious holidays
su
Sulis keur leumpang bari ngolomoh permen
jol teh Andi ngagorowokan Sulis bari tuluy ngajak ulin perepet jengkol kusabab kurang hiji jelema
Sulis nyampeurkeun tuluy ngaenyakeun ajakan Andi
Sulis, Andi jeung babaturanna nu sejen ulin perepet jengkol di buruan imah Andi
Rumaja di lembur Sulis masih keneh sok ulin babarengan di buruan imah
Rumaja di lembur Sulis resep nyirekem di kamar bari nyoo hape
Traditional games
Location played
su
"Aaaaaaa", sora nu ngagerewek matak reuwas nu ngadenge
Nani nu keur ulin ge langsung soak bari neang timana asal sora na
Behna eta sora indung Nani nu keur masak di dapur
Pas diteang, katel geus renghek kusabab kapopohoan keur masak pindang jol kasarean dinu korsi meja makan
Indung Nani kudu meuli deui katel keur masak kusabab nu samemehna geus renghek
Indung Nina ngahaja ngarenghekkeun katel
Food
Cooking ware
su
Nalin dibawa piknik ku ninina ka laut karangpapak
barang jol Nalin langsung lumpat guyang na keusik
Geus wareg guyang manéhna nyoo cai laut nepika beak baseuh bajuna
Ninina gigideug bari seuri ninggali kalakuan Nalin
Nalin resep ulin di laut
Nalin resep mulungan karang mun ulin ka laut
Daily activities
Leisure activities
su
Sarah keur dititah balanja ku bapana ka toko kaen
Manéhna dititah meuli boeh kusabab boeh di mesjid nu diurus ku bapana geus beak
Biasana mesjid sok nyadiakeun boeh keur jelema nu teu mampu
Boeh dipake keur pakean mayit saenggeus dimandian
Mesjid nu diurus ku bapana sarah sok nyadiakeun boeh keur jelema nu kurang mampu
Bapana sarah sok ngumpulkeun boeh
Death
The process of caring for a corpse
su
Vito datang ka nikahan baturanna
Vito dahar menu parasmanan jeung camilan nu disadiakeun
Pas pangantenna nyawer, Vito kabagéan duit 10 rebu
Barang nu disawer téh bisa mangrupa duit, oge barang leutik sejenna siga permen, pin, gantungan konci
Vito sumanget ngiluan rangkaian resepsi
Vito keur puasa jadi teu dahar nanaon salila di acara nikahan babaturanna
Wedding
Invited guests
su
Mun geus duhur panyawah sok eureun digawe
Biasana langsung hanyat ka saung
Di saung, panyawah osok murak timbel nu dibawa ti imah
Resep katinggalina balakecrakan bari ngawangkong
Panyawah sok botram di saung mun keur istirahat wanci duhur
panyawah sok langsung balik mun geus adan duhur
Agriculture
Traditions when planting
su
Soni resep barter hasil laut jeung nalayan nu lain
Mun manéhna meunang cumi loba, sok dihilian sawah jeung lauk ti nalayan nu hasil laukna loba
Kagiatan barter ieu nguntungkeun nalayan meh bisa saimbang hasil lautna
Kadang Soni oge ngahilian beas ka warung ku lauk meunang ngajaring manéhnana
Cara jual beuli barter masih keneh sok dipake ku Soni jeung babaturanna
Cara jual beuli barter geus teu usum
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Barudak leutik keur ngumpul di teras imah Nia
Barudak leutik etateh mangrupakeun babaturan adina Nia
Maranehna daratang kusabab hayang apal kawih cing ciripit
Nia ngajarkeun kawih cingciripit ka barudak leutik bari tuluy uucingan di teras imahna
Barudak leutik datang ka imah Nia bakat ku panasaran kanu kawih cing ciripit
Barudak leutik datang ka imah Nia jang menta sangu
Traditional games
Location played
su
Surti resep pisan ngalicin baju
Keur manéhna, ngalicin baju nyaeta salah sahiji kagiatan anu bisa nenangkeun hatena
Tiap ngalicin manéhna resep ngambeu minyak seungit keur disemprotkeun kanu baju nu rek dilicin
Komo pas ningali baju rarapih mah beuki weh manéhna bungah
Surti resep ngalicin kusabab matak rapih katinggalina
Surti teu resep beberes
Daily activities
Household chores
su
Unggal rek lebaran, Dandi sok cicing ngadodoho hareupeun imah
Manéhna nunungguan lanceukna balik ti luar kota keur ngarayakeun lebaran di imah
Unggal balik, lanceukna sok mawa oleh-oleh sadus keur Dandi
Dandi kacida atohna unggal muka dus oleh-oleh ti lanceukna
Dandi dipikanyaah pisan ku lanceukna
Dandi resep morotan lanceukna
Family relationship
Relationships within the main family
su
Mang cepi kakara balik ti luar bari mawa keresek
Pas ku Wiwi dibuka tetela kembang api eusina teh
Wiwi langsung nyengir bari ngajak Mang Cepi nyeungeut kembang api di buruan imah
Wiwi seseurian jeung Mang cepi bari ngayunkeun kembang apina
Mang cepi balik mawa kembang api kusabab apal yen Wiwi teh resep kanu kembang api
Mang Cepi kapaksa ulin jeung wiwi kusabab sieun dicarekan ku indungna wiwi
Religious holiday
Traditions leading up to religious holidays
su
Unggal istirahat sakola, Irvan jeung Ganda geura indit ka kantin
Dahareun nu mineng dibeuli ku maranehna nyaeta pais lauk jeung sangu timbel
Hargana ngan dipatok sapuluh rebu
Sakapeung maranehna dahar di kelas
Babaturan Irvan jeung Gandad sok ngalandi maranehna "jurig pais"
Irvan jeung Ganda teu resep pais lauk
Food
Lunch
su
Budi gaduh rencana nikah sareng Nina taun ayeuna.
Tahap awal dina persiapan nikah adat Sunda nyaeta neundeun omong.
Dina prosesi ieu kulawargi Budi sareng Nina ditepangkeun sateuacan lamaran.
Kulawargi Budi nyuhunkeun restu sareng kasiapan ti pihak kulawargi Nina pakait kasiapanna kanggo dilamar
Neundeun omong mangrupikeun tahapan pangjajap kanggo ka tahap lamaran
Pas neundeun omong, Budi merekeun maskawin mangrupa cingcin emas
Wedding
Traditions before marriage
su
Ima antusias sakedeung deui dék bulan puasa
Ayeuna manéhna keur kuliah di UI
Tapi manéhna geus niat ngahajakeun balik heula ka Bandung
Manéhna hayang munggahan jeung indung bapana
Kuliahna ogé onlen sababaraha poé di awal romadon
Ima karék balik ka Bandung pas dék idul fitri
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Nana resep ngambeu orok nu karek borojol
Biasana orok mah sok sareungit
mun geus beres mandi orok sok dibaluran minyak telon meh haneut tur seungit awakna
lian ti minyak telon oge kadang dipakekeun dei minyak seungit husus keur orok
Mun orok geus sareungit matak resep mawa ulinna ge
Orok sareungit kusabab hayang kapuji
Pregnancy and kids
How to care for a newborn baby
su
Unggal poe Rosidin indit ka sakola make sapedah
Sajajalan manéhna ngarasa waas ningali sawah jeung walungan
Kadang mun aya nu wawuh Rosidin sok nawaran keur ngabonceng
Naek sapedah matak sehat jeung gumbira
Rosidin ngarasa gumbira unggal make sapedah
Rosidin kapaksa make sapedah
Daily activities
Transportation
su
Supyan soki milu ngala lauk di balong akina
Aki melak rupa rupa lauk anu bisa dipasak
Unggal siang, aki sok nyieun paran lauk tina huut nu dicampur jeung sangu
Mun parabna dialungkeun kabalong, lauk jadi kataringali parebut hayang nyatu
Lauk di balong aki sok diparaban meh harirup
Lauk aki diracun meh tereh dipanenna
Fisheries and trade
Traditions of taking care of livestock or fish
su
Budi resep pisan milu ka kebon amangna
Di jero kebon aya tangkal cengkeh jeung sarupaning bubuahan
Budi resep ngala Balingbing nu geus karoneng semu oren
Balingbing nu geus semu oren teh cirina geus asak pisan
Budi ngala balingbing sawaregna di kebon
Budi nuar tangkal balingbing
Food
Fruits
su
Jamal dek ngajual laptopna nu geus teu kapake
Manehna oge butuh duit keur meuli kamera
Kamil minat keur meuli hapena Jamal
Kabeneran oge manehna boga kamera nu dipikahayang jamal
Jamal jeung Kamil satuju keur barter dua barang eta
Jamal merekeun laptopna jang Kamil
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Lisma keur melak tangkal sosin di buruan imahna
Kabeneran Lisma cicing di lembur nu hawana tiis nu cocok keur melak tangkal sosin
Lisma resep pisan masak emih make sosin
Mun boga tangkal sosin sorangan mah mun rek masak emih teh teu kudu balanja sosin heula
Lisma melak tangkal sosin kusabab meh teu kudu indit ka warung hela mun rek masak sosin
Lisma teu ceehan mun pepelakan
Agriculture
What to plant
su
Mun balanja keur dapur, Bela sok sakalian meuli keur saminggu atawa dua minggueun
Bela sok nguriling di pasar neangan toko anu nawarkeun harga nu pangmurahna
Bela geus boga toko hayam langganan kusabab murah
Manéhna ngahemat duit meh cukup keur kabutuhanna nu lain
Mun balanja Bela bisa ngatur duit supaya cukup kanu sagala
Bela resep ngawur-ngawur duit
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Irwan sareng Rosa bade ngalaksanakeun akad nikahna di mesjid
Akad nikah téh mangrupi rukun atanapi acara inti tina prosesi nikah
Irwan diajak ka meja akad diaping ku rai-raina
Bapana Rosa janten wali nikah
Irwan sareng Rosa bakal sah janten suami istri saatos akad nikah
Bapana Irwan janten wali nikah
Wedding
Traditions when getting married
su
Sopi mawa budakna ka hajatan dulurna
di acara hajat budakna teu daek cicing pisan
Saking teu daek cicingna, budak Sopi nabrak jelema nu keur dahar baso tahu nepika murag piringna
Sopi hahampuraan ka jelema nu ditabrak bari era
Sopi mamatahan budakna supaya teu bangor deui
Sopi nyiksa budakna di hareupeun batur
Wedding
Foods at a wedding
su
Mang Encep jeung kulawargi na bade idul adha di bumi abi
Sakantenan liburan saurna mah, sanajan teu lami oge
Jamil, putra mang Encep, resep sasatoan
Komo pas usum kieu mah
Loba tukang hewan qurban di sisi jalan
Loba tukang delman di sisi jalan
Religious holiday
Traditions leading up to religious holidays
su
Unggal boboran, abi osok munggah ka Ciamis
Aki abi calik di Ciamis
Di ditu oge aya makam uyut abi
Abi sareng kulawargi osok ziarah ogé ka makam uyut
Kanggo ngadu'akeun almarhum uyut sanajan ditampi ibadah-ibadahna
Kanggo ngadu'akeun kasehatan pun aki
Death
Traditions after the body is buried
su
Orok nu nembe lahir osok ogo
Unggal indungna usik saeutik, éta orok osok ngadat
Biasana, si orok téh sok ménta nyusu
Lantaran kitu, indungna teu bisa loba gawé nanaon
Sabab, kudu nyusuan orok, mere ASI
Sabab kudu nitahan suamina nu keur gawé
Pregnancy and kids
How to care for a newborn baby
su
Tora resep melak sabangsaning lalab jeung samara dapur
Manéhna melak tangkal mamangkokan, tangkal raramidang jeung sosin
Aya oge tangkal sarupaning bawang jeung tangkal pisamaraeun
Mun keur hayang masak babari tinggal nyokotan tinu tangkal
Tora resep melak tangkal anu mangpaat keur hirup sapopoe
Tora teu bogaeun duit keur balanja ka warung
Agriculture
What to plant
su
Wulan jeung Indri keur nyangkok tangkal buah
Hasil cangkokanna engke rek dipelak di buruan tukang kusabab angar
Sugan weh geus dipelakan mah aya angin ngahiliwir
Geus pibetaheun mah pasti ema oge daek ngangin di teras buruan tukang
Wulan jeung indri rek melak tangkal buah di buruan tukang ngarah ariuh jeung pikabetaheun
Wulan jeung Indri melak tangkal buah meunang maok
Agriculture
What to plant
su
Poe ieu mangrupakeun poe nu pikabungaheun tapi pikasedieun oge keur Bunga
Akhirna manéhna bisa nikah jeung lalaki nu dipikabogoh tapi teu bisa dianteurkeun ku bapana
Bapana Bunga ngantunkeun ti dua bulan saacan nikah
Pas bagean tradisi sungkem, Bunga ceurik dina tuur amangna kusabab inget ka bapa
Bunga bakal leuwih bahagia mun bisa sungkem jeung bapa
Bunga ceurik lantaran sigerna beurat
Wedding
Traditions when getting married
su
Marini sareng suamina jalan-jalan ka taman
Marini nuju hamil muda, ayeuna nuju hoyong ninggal suasana alam
Di taman, Marini pendak réncanganna nu percaya mistis
Réncanganna jol nyarakeun hal nu aranéh, tapi Marini teu percaya
Omongan réréncanganna teu dianggap kukumaha ku Marini
Marini langsung ngajalankeun saran ti réncanganna
Pregnancy and kids
Traditions during pregnancy
su
Mamat jeung Yanto rada bandel budakna
Maranéhna osok teu betah diajar di kelas
Hiji waktu, maranéhna boga ide
Pas jam isitrahat, maranéhna ka luar gerbang, ngomongna mah dék meuli pulpen
Padahal mah maranéhna tuluy mabal balik ka imah
Padahal mah maranéhna meuli pensil
Daily activities
Afternoon activities
su
Katurunan Sulaeman Kartawijaya masih keneh dipihormat ku masarakat desa Mancagahar
Kulawarga Sulaeman Kartawijaya kawentar kamana-mana kusabab palalinteur tur karasep jeung gareulis
Kabeh jaradi jelema, aya nu jadi dokter, dosen, tukang usaha jeung teknisi anu gawe di perusahaan gede
Mun ditinggali saliwat ge turunan kulawarga etamah beda ti batur
Kulawarga Sulaeman Kartawijaya ngabogaan komara anu matak dipikaresep batur
Kulawarga Sulaeman Kartawijaya bisa sarukses kusabab licik
Family relationship
Clan or descendant system
su
Suklih ceurik ngageunggeuik bari nangkeup awak budakna nu geus ngajelepeng heuras
Rek sakuat kumaha ge nu jadi indung mah pasti ngarasa dunya rugrug mun budakna maot
Suklih ngurus mayit budakna ti mimiti ngamandian nepika ngaboehan bari nguat-nguatkeun diri
Tapi ahirna mah Suklih ngagolepak teu eling pas keur nyolatan bakat ku teu kuat nahan rasa sedih
Suklih masih can bisa ihlas ngaleupaskeun budakna
Suklih teu nyaah ka budakna
Death
The process of caring for a corpse
su
Sarmini cingogo bari melongan wadah palastik hareupeunna
Eta palastik teh eusina siki samangka anu geus dipoe
Sarmini bingung eta siki samangka teh kudu dikumahakeun deui meh bisa dipelakkeun
Tungtungna mah sarmini nungguan lanceukna balik meh aya nu bisa ditanyaan
Sarmini rek melak siki samangka ngan teu apal carana
Sarmini rek ngolah siki samangka jadi opieun
Agriculture
What to plant
su
Manda, Nita jeung agus keur ngabuburit nungguan buka puasa
Kusabab kesel, manda ngajak ulin perepet jengkol
Gep teh maranehna pacekel-cekel leungeun pari patukang-tukang
Suku katuhuna diangkat tuluy bitisna dianyamkeun, geus pageuh tuluy luluncatan bari muter jeung keprok
Manda, Nita jeung Agus seuseurian bari bungah nepika teu karasa jol datang waktu magrib
Manda, Nita jeung Agus tuluy ulin perepet jengkol nepika tengah peuting
Traditional games
Game types
su
Batur geus beres ngadoa, Tuti masih keneh diuk di gigireun pulasara indungna
Manéhnana masih keneh teu nyangka geus ditinggalkeun ku indungna
Tuti tuluy ngadoa bari ceurik
Manéhna hayang diamprokkeun jeung indungna di sawarga
Hate tuti masih keneh can bisa ngaihlaskeun indungna
Tuti hayang niis di kuburan
Death
Traditions after the body is buried
su
Teguh resep ulin ka imah Dani
Dani téh dulurna Teguh
Bapana Dani téh adina bapana Teguh
Sakapeung Teguh mondok di imah Dani
Bapana Dani leuwih ngora tibataan bapana Teguh
Teguh teu pernah mondok di imah Dani
Family relationship
Relationships in the extended family
su
Unggal indit sakola, Aas nyiapkeun bekel keur budakna
Eusi bekelna rupa rupa, kadang asakan sunda, kadang oge asakan kabarat-baratan
Unggal poe pasakanna ganti-ganti
Kadang budakna oge anu menta dipangmasakeun nu dipikahayang ku manéhnana
Aas resep nyiapkeun bekel keur budakna
Aas nyiapkeun bekel saayana
Pregnancy and kids
How to care for children
su
Kiki mangrupakeun anak kahiji di kulawargana
Kiki boga hiji adi awewe jeung hiji adi lalaki
Adi-adi kiki unggal poe sok pasea nepi ka gelut
Kiki geus cape misahkeun adi-adina unggal gelut
Kiki menta bantuan indungna keur mamatahan adi-adina
Kiki milu gelut jeung adi adina
Family relationship
Relationships within the main family
su
Pun biang teh ibu rumah tangga
Anjeunna nu nyiapkeun sagala rupi kabutuhan abi sareng pun bapa
Misalna, lamun abi uih ti sakola
Pasti tos aya tuangeun dina meja
Pun biang tos pangmasakkeun tuangeun
Abi kantos masak pas subuh keneh
Daily activities
Afternoon activities
su
Roy parantos cape ku hajatan nikahanna kamari
Hanyakal manéhna acan tiasa istirahat full
Kumargi sababaraha hari ka payun, manéhna kedah mandu keluarga besar istrina ti Jawa
Mumpung keluarga besar istrina nuju di Garut, bilih sesah deui
Parantos hajatan, Roy ngaréncangan keluarga besar istrina wisata di Garut
Parantos hajatan, Roy wisata ka Jawa
Wedding
Traditions after marriage
su
Puput jeung adina keur ditinggalkeun ku kolotna ka luar kota
Ti mimiti masak nepika beberes imah kabeh dilakukeun ku Puput jeung Adi
Wanci sore puput jeung adina geus siap-siap masak martabak keur dahar peuting duaaneun
Teu lila ti martabak asak, indung bapana datang mawa oleh-oleh mangrupa macem-macem kadaharan
Puput jeung kulawargana dahar peuting babarengan
Kolot puput diusir ku adina puput
Food
Dinner
su
Lagu sunda ngahaleuang tina radio nu disetel ku aki
Aki diuk di hareup imah bari nungguan sangu asak
Di dapur, nini keur nyangu make aseupan
Sangu nu dipasak make aseupan biasana leuwih pulen jeung seungit
Aki jeung nini resep ngadahar sangu nu dipasak make aseupan
Nini jeung aki tara dahar
Food
Cooking ware
su
Mun dek lebaran, Teti sok indit ka Pasar Baru di Bandung
Manéhna sok balanja baju keur pakeeun sunat
Sok aya oge dulur atawa tatangga anu nitip pangmeulikeun oge
Barang titipan tatangga mah osok dibatikeun deui ku Teti
Teti resep balanja ka pasar baru keur sorangan jeung keur batur
Teti ngewa ka tatangga na
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Lilis resep diajar maenkeun kacapi
Manéhna hayang diajar maenkeun sarupaning alat musik sunda utamana kacapi
Ku kolotna ge didukung pisan kucara mangmeulikeun kacapi keur Lilis
Unggal libur sakola Lilis datang ka imah mang suhari keur diajar maenkeun kacapi
Lilis beuki sumanget diajar maenkeun kacapi saprek dipangmeulikeun kacapi ku kolotna
Lilis resep maenkeun kacapi kusabab hayang kapuji
Art
Musical instruments
su
Kiki budak Mang Iqi leutik keneh
Pas tujuh belasan, manehna miluan balap karung keur barudak
Karungna badag, hampir nutupan saawakeun Kiki
Tapi, eweuh nu nyangka
Kiki bisa meunang juara 2 sanajan leutik keneh
Kiki digantikeun ku bapana
Traditional games
Game types
su
Ti imah kuring di Bogor, ka tempat gawé di Jakarta jauh jarakna
Komo lamun make transportasi umum
Bisa nepi 2 jam perjalananna
Unggal poé kuring kudu siap-siap ti subuh kénéh
Lila-lila, kuring asa mending ngakos di Jakarta
Kuring hayang ngakos di Bogor
Daily activities
Morning activities
su
Pa Sutardi resep nguseup unggal sore
Pa Sutardi nguseup di balong hareupeun imahna
Balongna dipelakan rupa-rupa lauk ti mimiti lauk jaer nepi ka lauk patin ge aya
Mun meunang nu gede sok dipasah, mun meunang nu leutik sok dialungkeun deui ka balong
Pa Sutardi ngahaja melakan lauk di balong supaya teu kudu ka walungan mun hayang nguseup
Pa Sutardi resep nguseup keur dijual ka batur laukna
Daily activities
Evening activities
su
Kuring ayeuna gaduh kasibukan anyar
Ayeuna kuring boga adi lalaki, karék pisan lahir
Balik sakola, kuring osok mantuan indung
Biasana kuring sok kabagéan mersihan alat-alat dahar orok
Kuring mersihan jeung manaskeun alat daharna, supados steril
Kuring nyuci alat daharna nganggo deterjen
Pregnancy and kids
How to care for a newborn baby
su
Pipit ngaca bari nyanyi lagu nasyid
Tinu kaca katinggali manéhna geus siap make baju muslim
Poe ayeuna Pipit rek mintonkeun nadoman dina acara mieling Isra Mi'raj
Pipit geus latihan salila sabulan supaya teu nguciwakeun nu nongton
Pipit soson-soson latihan keur nadoman meh teu ngerakeun dinu panggung
Pipit soson-soson latihan nadoman, sugan weh dibere duit ku pa ustad
Religious holiday
Traditions during holidays
su
Mun keur waktu istrirahat dudin sok maen gobag jeung babaturanna
pamaen gobag dibagi jadi dua kelompok nyaeta kelompok lawan jeung kelompok jaga
Kelompok lawan kudu nepi ka garis ahir kalawan henteu beunang katoél ku kelompok jaga
Kelompok lawan disebut éléh lamun beunang katoél ku kelompok jaga
Dudin resep maen gobag keur ngeusi waktu istirahat
Dodin sok balik heula ka imah mun keur waktu istirahat
Traditional games
Game types
su
Abi gaduh seueur réncangan di caket rorompok
Abi sareng barudak biasana osok ulin futsal unggal sasih
Basa terakhir maén, salah sahiji baturan abi jol eungap napas
Ahirna, saatos saminggon dirawat, aya kabar yén anjeunna téh ngantunkeun
Abi sedih pisan, rupina kamari téh terahir maen futsal sareng almarhum
Abi bakal ngajadwalkeun futsal deui sareng almarhum
Death
When death occurs
su
Mamat jeung Yunus osok ulin badminton
Ti leutik keneh, manehna resep tetepakan di hareupeun imah
Pas asup SD, maranehna miluan ekskul nu sarua di sakola
Ayeuna mah aya palatihna, tempat na ge leuwih alus
Maranehna osok latihan di GOR sakola
Maranehna osok latihan di stadio jalak harupat
Traditional games
Location played
su
Balik sakola Elin langsung asup ka kamar
Elin ngaganti baju ku piyama bari tuluy sare
Manéhna kacapean kusabab geus ulin bari lulumpatan di sakola
Pas ditoong ku ema, singhoreng elin sare bari kerek
Ema ngantep elin sare balik ti sakola ku sabab ngarti yen Elin teh cape
Elin sare kusabab kamerkaan
Daily activities
Afternoon activities
su
Nizam téh juru nyanyi di kampung kuring
Manehna sok diundang ka hajatan nikahan keur nyanyi lagu dangdut
Sorana merdu pisan
Salian ti eta, Nizam oge gaduh grup vokal nyalira
Nizam kenging seueur artos tina padamelanna salaku juru nyanyi
Nizam teu gaduh grup vokal nyalira
Family relationship
Relations with society or neighbors
su
Dina acara kawinan sunda, biasana aya tradisi huap lingkung
Huap lingkung hartina silih huapan sabari leungeun panganten ngaleng kana beuheung masing-masing
Biasana anu dihuapkeun nyaeta bakakak hayam anu samemehna geus kabagi dua ku cara pabetot-betot ku masing-masing panganten
Tradisi huap lingkung miboga makna yen salaki pamajikan kudu bisa silih mere jeung silih ngalengkepan
Tradisi huap lingkung mangrupakeun tradisi anu maish keneh dijaga ku urang Sunda
Tradisi huap lingkung teu aya hartina
Wedding
Traditions when getting married
su
Ma acah sok meuli kurita langsung tinu sok ngobor
Biasana hargana sok jauh leuwih murah tibatan meuli ti pasar
Kuritana ge leuwih seger kusabab kakara hanyat
Mun dipasak teh sok tara liat jeung teu sahanyir kurita ti pasar
Kurita ti tukang ngobor leuwih seger ti kurita nu dijual di pasar
Kurita ti tukang ngobor make pangawet meh katingali seger
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Bu Teti salaku pamingpin senam nyetel lagu Manuk Dadali pangmimitina
Bu Teti milih lagu ieu kusabab hayang ngahurungkeun sumanget para murid
Lagu "Manuk Dadali" dikarang ku Sambas Mangundikarta di taun 1962.
Eusi lirikna ngandung makna nasionalisme
Murid-murid jadi sumanget pas ngadangukeun lagu Manuk Dadali
Murid-murid teu resep ngadangu lagu Manuk Dadali
Art
Folk songs
su
Poe ieu sari indit ka Jakarta make beus
Sajajalan manéhna teu sare kusabab hayang melong naon wae nu diliwatan
Ieu mangrupakeun lalampahan kahiji Sari saprek lulus SMA
Manéhna aneh ningali kandaraan nu ngagimung nepika macet
Sari jarang pisan ulin jauh ti lembur
Sari geus biasa ka luar negeri
Daily activities
Transportation
su
Lala resep ulin ka toko rupa-rupa kekembangan deukeut alun-alun
Mun datang ka toko eta mah sok hayang sagala dibeuli
Rek teu kabita kumaha atuh da tatangkalanna ge kot aralus
Tuntungna mah Lala ngan meuli binih kembang jam dalapan kusabab buruanna geus pinuh
Lala kabita hayang meuli rupa-rupa tatangkalan tapi teu jadi kusabab buruanna geus pinuh
Lala ngan meuli hiji binih kusaba teu boga duit
Agriculture
What to plant
su
Indungna Asila resep meuli barang ku cara nyicil
Ti mimiti imah nepika mobil kabehnana dibeuli kucara nyicil
Ceuk indungna Asila mah mun teu nyicil nepi ka iraha ge moal bisa bobogaan
Tapi kakuranganna mun keur teu boga duit sok matak jangar mikiran kumaha mayar cicilan
Ulah sok nyicil kusabab sok matak jangar jeung asa diuudag keur mayar lamun keur kabeneran teu boga duit
Nyicil teh matak beunghar
Fisheries and trade
Buying and selling traditions
su
Pasar Ciawitali lega pisan luasna
Barudak ogé osok kukurilingan di dinya
Si Agung jeung baturanna osok sapedahan di dinya
Pernah manehna hampir nyerempet ibu-ibu nu balanja
Ayeuna mah Agung leuwih ati-ati lamun sapedahan di pasar ciawitali
Agung oge keur balanja di pasar
Traditional games
Location played
su
Badar sareng Asih nembé tiasa bulan madu
Rencana mimiti na mah Badar bade cuti 10 dinten, termasuk kanggo hajatan sareng bulan madu
Tapi teu janten, kumargi aya rapat penting di kantorna
Anjeunna jantenna nyandak cuti sasih payunna
Bulan madu Badar sareng Asih teu sesuai rencana mimiti
Bulan madu Badar sareng Asih sesuai rencana mimiti
Wedding
Traditions after marriage
su
Ma Nining resep pisan nembang kawih
Singhoreng keur ngorana Ma Nining teh mangrupakeun Sinden
Anjeunna resep nembangkeun kawih bubuy bulan
Sanajan geus nini-nini oge sora Ma Nining mah masih mencrang
Ma Nining tarik pisan duriatna kana musik sunda
Ma Nining resep kanu tembang lingsir wengi
Art
Folk songs
su
Kelas 9C kamari nampilkeun tari wayang
Panongton ngaraos kahibur ku panampilan tari wayang
Tari wayang téh asalna ti Cirebon
Tari wayang dibagi kana tilu jinis nyaeta tari tunggal, tari pasangan, tari massal
Tari wayang téh tiasa dipaenkeun babarengan
Tari wayang téh asalna ti Sukabumi
Art
Traditional dances
su
Dadi geus siap-siap make kopeah jeung sarung
Dadi geus jangjian jeung babaturanna rek miluan takbiran
Biasana mun takbiran rek lebaran sok ngurilingan kampung bari nakolan bedug
Biasa weh geuning barudakna sok bari heureuy cacalakatakan
Dadi hayang miluan takbiran kusabab hayang sabari macangkrama jeung batur
Dadi hayang miluan takbiran bari kaluar ti imah
Religious holiday
Traditions leading up to religious holidays
su
`Isuk keneh jelema di imah bi Sunsun geus pak-pik-pek
Rudi anteng ngoman parabot nu geus rada ruksak
Bi Sunsun beberesih jeung bebenah imah bari tuluy masak saaya-aya
Bapa mah nyeuseuhan di cai bari nyikat tehel jaman
Kulawarga Bi Sunsun resep beberes unggal isuk
Kulawarga bi sunsun sok gandeng unggal isuk-isuk kusabab parasea
Daily activities
Morning activities
su
Erlan mukaan kado-kado ti baturanna
Aya loba pisan kado nu ditampi Erlan sareng istrina ayeuna
Maranéhna teu nyangka pisan, soalna fokus nyalaman ka tamu-tamu wé basa acara mah
Aya hiji kado anu badag pisan kotakna
Rupina, eusina téh hiji sét lengkap alat masak
Eusi kadona téh hiji baju jeung calana orok
Wedding
Gifts brought to wedding
su
Titi soak ngadenge sora budak keur ceurik bari ngagoak
Pas disampeurkeun tetela nu ceurik teh keur paciwit-ciwit lutung, aipek nyiwitna tarik teuing
Dipelong teh tonggong dampal leungeunna kot nepika beureum
Titi langsung ngusapan leungeun budak nu ceurik eta
Titi mamatahan nu nyiwit supaya teu kitu-kitu deui
Titi naur nyiwit ka budak anu nyiwit
Traditional games
Game types
su
Hiji wanci Andri melong indungna ceurik di ruang tamu
Andri nyampeurkeun bari nanya kunaon
Indungnya kalah ngajawab, "Andri rek milu ka mamah atau ka bapak?", pokna bari inghak-inghakan
Andri apal kalakuan bapana nu pikasebeleun tapi teu nyangka pisan bakal nepika papisah siga kieu
Indung bapa Andri rek cerai sabab geus teu bisa mun kudu babarengan deui
Indung Andri rek nikah deui ka tukang ojeg
Family relationship
Relationships within the main family
su
unggal isuk, hayam di gigireun imah Reni geus gandeng
Singhoreng hayam teh geus lapar teu kuat hayang dibere sangu
Indungna Reni biasana mere huut bari dicampur jeung vitamin keur hayam
Hayam di Imah Reni kaciri sehat jeung lintuh
Kulawarga Reni apik dina urusan miara sato
Kulawarga Reni katelah jorok
Fisheries and trade
Traditions of taking care of livestock or fish
su
Salaku kolot, kuring kudu tetep ngawas jeung ngarahkeun budak
Ti leutik kénéh, budak kuring leuwih resep ulin di imah sorangan
Asal aya komputer mah, loba kaulinan manéhna
Komo deui ayeuna mah usum gem onlen
Sakali-kali, urang osok ngajak budak keur ulin jeung gaul di luar imah
Kuring sih percaya wae budak kuring moal aneh-aneh
Traditional games
Location played
su
Bilqis keur ngarapih-rapih buruan di tukangeun imahna
Jukut-jukutna diberesihan tuluy manéhna nyieun liang leutik na taneuh
Geus beres nyieun liang manéhnana kakara inget acan meuli binih keur dipelakeun kana liang eta
Teu lila manéhna langsung indit ka toko kembang keur meuli binih kembang eros jeung kembang kacapiring
Bilqis hayang diajar ngurus tatangkalan
Bilqis teu boga babaturan jadi weh nyoo kembang
Agriculture
What to plant
su
Irma geus lieur ku kalakuan budakna
Umur budakna nyaeta tilu taun, keur meujeuhna bangor
Unggal poe lomari baju diacak-acak bari dialung-alung bajuna teh
Ruang tamu can pernah katingali rapih, pasti kalotor ku tapak suku budakna nu pinuh ku taneuh
Irma geus usaha meh bisa leuwih sabar nyinghareupan budakna
Irma nyiksa budakna lantaran geus keuheul
Pregnancy and kids
How to care for toddlers
su
Nisa jeung adina, Rani ditinggal dines ku kolotna
Maranéhna ngan duaan di imah
Duaan éta geus sapakat keur bagi tugas jang bébérés
Mimiti, Nisa bakal nyapukeun saisi imah
Tuluy, Rani nu ngalanjutkeun ngepel
Samentara, Rani fokus gawé
Daily activities
Household chores
su
Bala kulawarga abi ngayakeun acara liburan bersama
Liburanna teh ka Pantai Carita
Kami nyéwa bus kanggo sasarengan
Di bus, abi tos jangjian sareng hiji jalmi
Nyaéta dulur abi, a Eki
Nyaéta sobat abi, si Fikri
Religious holiday
Traditions during holidays
su
Budi ngajakan baturan sakolana botram di imahna
Budi boga halaman imah nu luas
Manehna jeung indungna geus nyiapkeun kabehanna
Sagala rupa kadaharan disajikeun dina daun kalapa
Kadaharan nu dina daun pisang teh jang didahar babarengan
Kadaharan nu dina daun pisang teh didahar ku Budi sorangan
Daily activities
Leisure activities
su
Beni keur ngabuburit bareng dulur-dulurna
Eta barudak jalan-jalan saréréa ka alun-alun
Maranéhna maen bal di lapang alun-alun
Pas adzan magrib, maranéhna ereun
Maranéhna jajan takjil, solat magrib, tuluy neang dahar keur buka
Maranéhna solat magrib tuluy ulin deui
Religious holiday
Traditions before religious holidays
su
Unggal sasih Siam, Siti sok taraweh di mesjid
Jajaran solat kadua pinuh ku Siti jeung babaturanna
Beres taaraweh Siti sok ngiring tadarus
Siti sok nyuhungkeun tanda tangan ka pa ustad unggal beres tadarus kangge buku khusus sasih siam ti sakola
Siti sok ngiring tadarus meh kenging tanda tangan ti pak ustad
Siti ngiring tadarus bari heureuy
Socio-religious aspects of life
Regular religious activities
su
Di sawah wa agus loba tututna
Pipin jeung ojak resep milu ngala tutut di sawah mang agus
Mang agus ngidinan pipin jeung ojak ngala tutut asal teu ngarusak pare
Pipin jeung ojak ati-ati supaya teu nincak pare
Pipin jeung ojak nurut ka mang ojak supaya diidinan ngala tutut
Pipin jeun ojak resep guyang leutak
Fisheries and trade
Traditions of taking care of livestock or fish
su
Repa mangrupakeun jelema nu percaya kanu hal mistis
Pas keur hamil, manéhna biasa mawa barang nu menurut paham manéhna mah eta teh bisa nolak bala
Barang nu dibawa nyaeta gunting, rambut, bawang bodas jeung jarum.
Kabeh barang eta dibulen ku kaen bodas bari tuluy ditalian.
Repa teu wani kamamana mun teu mawa barang nu bisa nolak bala
Repa mamawa barang eta kusabab rek dijual
Pregnancy and kids
Traditions during pregnancy
su
README.md exists but content is empty.
Downloads last month
44